Redaksi
Minggu, 9/26/2021 10:59:00 AM WIB
BabalagonjanganBabaledoganHeadline

Anak Diculik Kolotna Ongkoh-ongkoh Bae

Advertisment
 (Abah Gaul/Abah Gejul)

Ibur beja culik lain ukur ayeuna, da Abah keur budak ge geus aya eta beja teh. Harita rea kolot ngarasa hariwang, malah mindeng nyaram ka anakna ulah sok arulin jauh bisa aya culik, baruk teh! Eta panyaram teu weleh diturut da saking ku sieun tea. Cek beja aya budak kembang karang (meumeujeuhna lucu) dibawa ku culik rek dijieun parepeh wangunan rongkah ku tembok beton. Mun kiwari mah eta beja nu ditarambahan teh meureunan disebutna hoak tea.

Sanajan kiwari zaman moderen, di pilemburan mah tetep wae beja culik teh sok mucunghul teu kurah karuh. Kungsi aya kolot anu hariweusweus, pajar di hiji wewengkon aya budak sakola dibawa kana mobil. Teuing beja hoak duka hauk, teu kaop urang jalma polos, bisa digede-gedekeun. Padahal can karuhan enya, boa-boa ukur ngagareuwahkeun wungkul. Atuda patugas kaamanan ge moal cicingeun mun enya aya culik luha-loho ke lembur teh.

Geus kitu tea we, kangaranan omong leuwih harus batang goong, cek paribasana. Ari beja anu teu puguh sumberna, biasana sok jadi delan, lain delan tarasi. Tapi gede di jalan (delan). Tina beja sadeupa jadi tilu, opat deupa antukna matak ibur salelembur, ear sajajagat. Malum, anu katelah omong leuwih harus tibatan goong, lain wadul. Nu matak lamun hiji beja anu can karuhan bener henteuna, ulah sok langsung diteureuy buleud.

Ngan Abah mah sok aneh oge, rea jalma sieun ku beja culik, tapi mun anakna aya nu nyulik sabenerna, geuningan kolotna ongkoh-ongkoh bae. Malah dina nyaho budak aya nu nyulik oge, jiga nu embuh beli weruh bae (teu nyaho teuing). Naha di alam kiwari aya keneh culik model kitu? Lain aya-aya deui, malah saditueun ti aya. Buktina, upamana urang boga anak awewe heug aya nu mawa batur, indit lain wanci, mangkat lain mangsa jeung nu lain muhrimna, apanan rea kolot anu mikeun. Malah aya diantara kolot ngarasa bungah da eta budak mun balikna sok beubeunangan. Ulah kabongbroy ku barang beunang ukur sahuap sakopeun.

Kumaha lamun eta anak awewe sabada aya nu nyulik, tepi kajadian Bandung Bandawasa (beuteungna melendung teu karasa)? Antukna matak wirang dikolong catang, nya gede nya panjang, cek cohagna. Meureunan cek anu ngewaeun mah, tah karasa geuningan, anak aya nu nyilik kolotna kalah ka marabkeun budak. Antukna, hana caraka data sawala, anak cilaka, bapana kababawa. Atuh anakna wirang, kolotna oge kabawa wirang, kabehanana jadi warirang, ha ha...! (Abah Gaul/Abah Gejul)