Advertisment
![]() |
(Abah Gaul/Abah Gejul) |
Kolot mindeng mapagahan ka urang pajar teh, omat hirup ulah sok ngarawu ku siku. Maksudna boga kahayang nu teu imbang jeung kamampuhna. Heueuh da manusa mah rea kahayang mun can katedunan teh asa ngaganjel bae dina hate. Hayang itu, hayang ieu, hayang punjul ti batur jeung rea-rea deui. Atuda manusa rea kahayang mah adatna atuda ari nu euweuh kahayang mah jalma anu geus perlaya (maot).
Patali jeung hal eta sok inget waktu Abah keur sakola diajar pupuh Asmarandana nu uni kieu ; Eling eling mangka eling, rumingkang di bumi alam, darma wawayangan wae, raga taya pangawasa, lamun kasasar nya lampah, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan. Bener pisan mun dilenyepan mah eta pupuh teh, miboga kahayang nu teu imbang jeung kaayaan bisa jadi kaasup napsu.
Ngagugulukeun kahayang antukna rupa-rupa ihtiar atawa usaha dilakonan. Sabab ari kahayang mah kabeh ge sarua, hayang loba duit, buncir leuit, rea ketan rea keton, bru dijuru bro dipanto ngalayah di tengah imah babah, ceuk paribasana. Najan kitu, apanan milik atawa rejeki mah geus aya nu ngaturna. Kulantaran hawa napsu ngarawu ku siku, dina ihtiarna oge jubrad-jabrud tur teu ngingetkeun halal haramna. Haram disebut halal, batil disebut hak, subhat disebut remeng-remeng jeung saterusna. Balukarna, loba jalma unggah bale watangan (urusan jeung hukum) tepi ka asup ka pangberokan (bui), ku sabab korupsi, ngagasab duit rayat jeung sabangsana.
Kalakuan samodel kitu teu cacah kuricak jeung menak geledegan atawa gegeden nu aya di pamarentahan. Kagila-gila teuing sugan hirup teh rek salilana, apanan umur manusia teh ukur saancul lele. Najan urang hirup lubak-libuk teu kalebok tur boga tanah lega teu kalegleg naga, cek basa kirata mah, ari ladang nu teu dipikarido ku Pangeran mah moal barokah. Nu model kitu teh sakumaha anu dihaleuangkeun dina pupuh tiheula; lamun kasasar nyalampah, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan. Masing inget brooo...! (Abah Gaul/Abah Gejul)