Advertisment
(Abah Gaul/Abah Gejul). |
Rumasa Abah mah ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk ngotokowo bae di lembur anu singkur, jauh ka puseur dayeuh (ibu kota). Atuh nyiar pangupa jiwa oge iwal ti ngokolakeun lahan sacangkewok, itung-itung tambah henteu teuing kabita ku batur. Atuda Abah mah ti bubudak sok ngikintil milu ka sawah, ka leuweung, ka reuma jeung ka gunung bari ngala pangpun (ngala suluh) keur mirun seuneu. Saeutikna kolot teh nyontoan cara macul, ngolah tanah jeung pepelakan sejenna. Alhamdulillah, anu dicontoan ku kolot kumaha carana tatanen saeutik-eutikeun aya nu napel. Nu matak teu aneh, mun aya nu nyebutkeun lembur urang katelah daerah agraris, ngandung harti kahirupan rayatna tina sektor pertanian.
Ngan nya kitu, ongkoh kasebut daerah pertanian tapi aranglangka barudak ngora entragan (periode) kiwari jiga nu apilain pikeun ngamajeukeun sektor tatanen di lemburna. Eta kira-kita pedah naha? Padahal lembaga pendidikan jurusan pertanian aya di lembur urang teh. Tapi disidik-disidik, anu sakola ka eta jurusan beunang diitung ku ramo sabeulah. Malah di sabarahan desa anu kasebutna rahayatna hirup tina tatanen geuningan asa teu katingali pisan. Lebah dieu mah asa aneh oge, ongkoh lembur urang teh kaceluk daerah pertanian, tapi kabuktianana rea keneh barudak anu neruskeun sakola ka sejen jurusan.
Numatak teu ngabibisana hasil tatanen di lembur urang tacan sakumaha anu diharepkeun. Atuda masing boga sawah lega oge ari taya nu ngokolakeunana meureunan moal ngahasilkeun. Antukna jadi lahan kubra, komo lamun kolot urang geus teu araya. Sedengkeun generasi penerusna milih pagawean atau propesi sejen. Nya meureun, lamun aya beas impor datang ka lembur urang keur dahar para patani. Kumaha lamun aya patani daharna kejo impor? Meureunan rada bergengsi?
Teu kudu edeg, pedah we hasil tatanen ngurangan, rea sawah anu kubra alatan teu kagarap ku nu bogana. Ari nu neruskeun eta pakaya pating kolembar neangan pagawean sejen. Kamana poharana lamun tanah titinggal karuhun urang teu produktip, digentak-gentak teh dijual pisah da butuh duit tea. Nu matak isuk jaganing geto lamun aya patani dahar kejo raskin ulah nyalahkeun sasaha da bongan kakayaan alam anu sakitu potensilna teu digarap sakumaha mistina. (Abah Gaul/Abah Gejul).