Advertisment
(Abah Gejul/Abah Gaul) |
Inget zaman keur budak, parebut korsi di sakola, Malah harita mah korsi jeung meja teh ngahiji, beurat dibawana oge bubuhan dijieun tina kai jati mani awet. Teu saperti jaman kiwari meja korsi di sakola teh tina kai nu uduh. Asup taun pangajaran anyar barudak ribut parebut korsi. Nu teu kabagean ngegel curuk, wayahna kudu pasesedek diuk opatan sabangkuna teh. Saking hayang kabagi korsi nu wedel tur hade teu sirikna silih torong silih suntrung jeung babaturan. Kuring mah harita teh tara milu rebutan korsi, kumaha kabageanana wae da sok dipangneangankeun ku guru, mun teu kabagian teh. Ah keun we cekeng teh, nu penting mah bisa diuk najan teu tumaninah oge.
Kadieunakeun pamarentah kawilang merhatikeunana kana kaayaan barudak sakola nu diukna pasedek-sedek alatan kakurangan korsi/bangku teh. Buktina kiwari mah arang langka kabandungan barudak nu parebut meja/korsi. Mebeler saban sakola dicukupan, utamana di sakola dasar kiwari geus beunang disebutkeun nyukupan, tinggal miarana wae ulah nepi ka reyod. Mun ruksak saeutik sakola kudu boga niat ngahadean sankan layak pake. Terus eta korsi jeung meja nu aya di sakola boh tingkat sakola dasar atawa SLTP katut SLTA ulah nepi ka di coret-coret, para siswa miboga tanggung jawab sangkan korsi tetep bersih teu dicoret coret boh ku pulpen atawa Tipe Ex.
Nu didadar diluhur. Mangrupa denotasi korsi dina harti sabenerna, anu sok diparebutkeun ku murid jaman harita. Tapi Abah sok ngadenge parebut korsi ayeuna mah dipilampah lain ku budak olol leho. Tapi ku dadawuk dina harti konotasi parebut korsi kalungguhan atawa korsi jabatan. Belaan tisuksuk tidungdung, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, cek paribasa, marebutkeun korsi teh. Ti imiti korsi RT nepi ka korsi nu aya di pamarentah pusat teu weleh diperebutkeun kunu harayang jabatan. Jalma nu cicing wae mah kawasna bakal katinggaleun tur ngegel curuk, moal bisa meunang eta kalungguhan (jabatan).
Moal lina di lembur urang ge bakal usum parebut korsi, naha korsi jabatan, korsi nu aya di gedong wakil rayat pon kitu korsi bopati atawa walikota. Anu haus kakawasaan ti kiwari, malah jauh-jauh samemehna geus hayang diuk dina eta kalungguhan. Nu matak teu aneh lamun calon nu rek ngadukan korsi, kiwari keur hurumpay-harempoy ngadeukeutan rayat. Atuda saha nu teu hejo kana urusan/haliah dunya mah, iwal ti hayang nu teu beuki kalungguhan. Beunang dicirikeun nu hayang korsi jabatan mah sok ngadak-ngadak lumah lameh, kunjungan tea, sosialisasi tea jeung sajabana. Rahayat pantar Abah mah nu bodo angger wae kabobodo ku paripolah nu keur parabut korsi teh. Parebut korsi model kieu leuwih saheng batan parebut korsi jaman Abah keur sakola baheula. Da rereana mun geus ngadiukan korsi, sok aya nu poho ka nu ngadukungna, teuing lasenana mah sibuk tea, teuing ngahaja mopohokeun antukna pleng les teu kadenge hitut-hirutna acan. Padahal rahayat nu ngadukung teu weleh ngarep-ngarep, naon anu rek dipilampah demi ngaronjatkeun kamakmuran sakumna rahayat. Lain ukur nu didukungna wungkul hirup henang-hening teh, dalah nu ngadukungna, hayang udud kuat nganjuk bako sebul matak ngorok kana tikoro. ( Abah Gejul/Abah Gaul ).