Redaksi
Senin, 11/15/2021 05:35:00 AM WIB
BabalagonjanganBabaledoganHeadline

Sawer Ulah Ngaragragkeun Ajen Seni

Advertisment
(Abah Gaul/Abah Gejul)

Sapaliwat mah nu ngarana sawer teh ingetna kana ngawurkeun duit receh dina acara rendengan panganten. Kiwari sawer teh sok dipake saban aya nu meuli kendaraan boh roda dua atawa roda opat, sigana lain ukur di pilemburan dalah dipakotaan ge sok manggihan nu tas meuli mobil atawa motor anyar sok ngahaja ngaluarkeun duit sawer. Aya deui dina acara hiburan, sawer teh jadi primadona, mere duit ka nyi ronggeng atawa ka biduan. Zaman beh ditu sawer dina unggal hiburan teh memang geus aya. Tapi teu cara kiwari, zaman baheula waktu usum kemprongan, tayuban, jeung pesta katut kiwari nu ngaranna jaipongan sawer teh diarep arep pisan ku nyi ronggeng atawa penyanyi teh

Boh nyi ronggeng boh penyanyi ngarasa bungah mun nu ngibing ngaluarkeun duit sawer. Nu ngibing memang geus siap siap, malah boga duit ratusrebuan ngahaja ditukerkeun jadi recehan ngarah teu jahat. Eta duit zaman bihari mah dibikeun ka nyironggeng teh langsung dipanggung, tapi sanggeus parele karek nyai ronggeng turun mapaykeun nu tas ngigel. Nu tas ngigel da teu jauh aya ditempat keneh bari jeung surti langsung mikeun amplop. Eta oge sigana bisa disebutkeun duit sawer. Zaman kiwari nu ngigel atawa joged lewih agresif, kateuingan, hayang katingali ku panongton bari jeung laguna ditambahan waktu ngarah lila. Ngan nu eces eta duit teu sirikna dibikeunan ka Nyai Ronggeng atawa nu ngabaturan ngibing dina panggung. Puguh wae nu nongton eak-eakan nenjo nu nyenyekel diut lambaran bari dibikeunan ka nyai ronggeng, kalan kalan dibikeun ka tukang kendang. Nu joged atawa ngibing ngadon ngeber-ngeber duit receh lambaran semu ngabibita tur pamer deuih kanu lalajo.

Nilik penomena sarupa kitu, abah sok hemeng. Piraku nu jaroged di panggung tepi ka nutup nayaga/pemusik bari jeung gerakanana kurang sopan kudu jadi tuntunan? Ibing seni geus teu mibanda etika, padahal seni teh endah. Geuningan ukur mamerkeun duit jeung bujur kanu lalajo. Asa lain kitu keur jaman Abah mah. Tarina/jogedna dihandapeun panggung, ukur sapasang, dina mere duit sawerna teu dikewer-kewer. Tapi sabada ngigel di wadahan kana solendang ku solendang sinden. Asa tartib zaman harita mah, nu lalajo ngarasa kahibur kunu joged, sumawona nu joged ngarasa sugema lantarean nyawer jeung jopged puguh aturanana, teu sagawayah saperti alam kiwari jauh tanah ka langit dibanding alam bihari. Anu tadina tujuan rek nanjeurkeun seni budaya, antukna ajen seni morosot balukar paripolah urang-urangna keneh. Numatak kahade, najan rek nyawer mah heug-heug bae ngan ulah tepi kajadian matak ragragkeun ajen seni. (Abah Gaul/Abah Gejul)