Redaksi
Selasa, 1/18/2022 08:38:00 PM WIB
BabalagonjanganBabaledogan

GUNTA GANTI KURIKULUM ULAH BEUKI ALUM

Advertisment

Kalumangsungan dunya atikan di nagara urang ngalaman sababaraha kali gunta ganti kurikulum, inget keneh basa abah keur sakola, duka kurikulum taun sabaraha kungsi diajar macul, kungsi diajar ngitung jeung sajabana. Atuda satiap ganti kurikulum pasti sakabeh pangajaran milu kabawa robah, kaasup istilah eta pangajaran. Upamana berhitung jadi matematika, pangajaran prakarya jadi keterampilan, jeung rea rea deui. Abah nineung ku pangajaran tatanen (pertanian) dan harita mah biasa barudak leledokan ka sawah pikeun diajar ngokolakeun bag-bagan pertanian. Da harita mah guru jueng murid teh ancrub milu leledokan macul di sawah pikeun nyontoan baruda sangkan bisa ngakolakeun sawahna. Dina eta kagiatan, barudak diajar ngoyos (ngarambas), ngarambetan jukut, melak pabinihan jeung sabangsana. Tah nu ku kitu Abah mah matak katineung pisan.
 
Kadieunakeun eta pangajaran kerajinan atawa prakarya ngiles, kalindih ku pajamanan keterampilan, da pangajaran prakarya atawa katerampilan teh ukur nu aya patalina jeung kahirupan jaman kiwari. Atuh nincak sakola nu leuwih luhur, pangajaran aljabar, ilmu ukur jeung sabangsana dilandik ku pangajaran matematika. Duka rek kumaha deui jeung naon ngarana pikeun ngaganti istilah matematika, naha rek balik deui kana pangajaran Calistung? (Maca, nulis jeung ngitung)? Keun urang mahjalma lembul ulahsok pipilueun ka jalma anu palilnter anu gelarna reumbeuy hareupan jeung tukangeun ngaran. Da mana kitu ge najan rek dirobah unggal poe ari jolna tinu pinter mah kudu disebut alus bae.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, taun ieu rek aya deui kurikulum anyar, duka kumaha prak-prakanana. Nu kamari ge asa menit keneh da can kabeuweung kabeh, ayeuna rek dirobah deui, duka kumaha wujudna da karek wacana. Nu di laluhur nyieun tarekah kumaha sangkan dunya pendidikan diurang leuwih maju, nu dihandap boga tekad ngayakeun tarekah di lapangan. Belaan tisuksuk tidungdung sangkan ajen pendidikan tambah ngarojat. 

Memang hasil atikan jeung pendidikan mah henteu kawas ngadahar cabe ayeuna didahar ayeuna karasa ladana. Cek abah mah kurikulum perlu disaluyukeun jeung lingkungan, potensi satempat. Upamana bae, ulah nepikeun aya barudak anu teu bisa ngagunakeun pacul jeung etem keur dibuat/panen di sawah dipaksa kudu ngagolangkeun eta pakakas. 

Sedengkeun nagara urang teh nagara agraris, anu merlukeun kaahlian dina widang tatanen. Beda jeung nu hirup di kota aya wirausaha,wiraswasta, kaparigelan widang permesinan, jeung rea rea deui. Najan kiwari geus unggah kana abad digital, cara-cara tradisonal oge ulah ditinggalkeun. Leuwih hade gantina diluyukeun jeung kaayaan murid nu aya di eta wilayah. Ku kituna najan gunta ganti kurikulum pendidikan tapi kudu leuwih sumanget enggonning ngaronjatkan ajen pendidikan anu sakirana kawawa kaduga ku sarerarea. ( Abah Gaul/Abah Gejul )