Advertisment
Abah Gaul/Abah Gezul |
Basa Daerah di Nagara urang kawilang euyeub, basa-basa daerah ( kaasup Basa Sunda ) ngarupakeun kabeungharan budaya. Bahasa Daerah teh alat perekam budaya nu panglengkepna. Jadi mun basa daerah leungit, alias teu aya dikieuna, geus pasti adat kabiasaan jeung budaya masyarakatna oge moal kanyahoan alias leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Eta diantarana rekomendasi UNESCO taun 1999, sarta netepkeun yen tanggal 21 Pebruari dipieling jadi poe basa indung Internasional.
Lelembutan abah sok inget nalika ngumbara di Jakarta, harita abah campur gaul jeung urang mana mendi, urang Jawa, katut urang sebrang. Jelas make basa nasional Basa Indonesia. Tapi sanajan kitu ari jeung kulawarga tara lesot ngomong basa daerah nyaeta basa Sunda. Kateuing pedah geus biasa, batur make mamalayuan ge abah mah sakulawarga teu lesot tina basa Sunda. Terus terang wae lantaran asal ti pilemburan tetep wae dina lentong nyarita ge kaciri lentong Sunda. Babaturan geus ngalarti jeung arapaleun yen abah pituin urang Kuningan alias urang Sunda. Abah mah tara era ngasupkeun kekecapan Sunda mun ngobrol jeung nu sejen oge. Mun teu ngartieun maranehna sok nanyakeun naon maksud ucapan abah tea. Ah langsung wae ku abah diterangkeun sacerewelena. Ciri basa sunda geus ngadarah daging, apan ngimpi ge make basa sunda basa warisan karuhun urang.
Salaku urang Sunda kana basa Sunda teh abah mah ngarasa heman tur nyaah, leuwih na ngarasa tanggungjawab pikeun ngamumule basa titinggal kolot baheula teh. Kungsi waktu abah keur sakola ngayakeun siaran basa jeung sastra Sunda di hiji Radio Kabupaten. Abah jeung babaturan diidinan ngayakeun siaran Basa jeung Sastra Sunda salila sakola saminggu dua kali. Puguh wae loba nu nyaretel. Malah mah guru basa Sunda harita waktu di SLTA mere perhatian nu daria sangkan terus siaran ngaliwatan siaran radio, harita kira-kira taun 1980 nepi ka 1982. Sedengkeun sumber anu dipidangkeun tina buku jeung pituduh ti guru basa Sunda. Abah mikir dina jero ati, rek ku saha deui dimumule ieu basa mun lain ku urang Sundana. Mun basana ruksak bakal ngabalukarkeun ruksakna kabudayaan bangsa. Basa teh ciciren bangsa, di nagara urang loba basa basa daerah. Salah sahijina di Jawa Barat nu disebut basa Sunda. Ieu mangrupa budaya bangsa, jadi urang salaku urang Sunda ngagunakeun basa basa Sunda ulah ngarasa era jeung sieun. Pikeun kalumangsungan jeung kamekaran basa-basa daerah khsusna di Jawa Barat. Pamarentah Propinsi Jawa Barat mah kacida merhatikeunnana kana hirup huripna basa daerah kaasup Sunda. Dibuktikeun ku ayana Perda ngeunaan pemeliharaan basa, sastra dan aksara daerah, anu diajarkeun sakola-sakola.
(Abah Gaul/Abah Gezul )