Advertisment
Nerekabna sasalad corona, keur rahayat mah mani karasa pisan. Utamana pikeun ekonomi lemah, tukang dagang ngalaman morosot kauntungannana, tukang tani kurang mucekil hasilna. Kagiatan sapopoe rada dikurangan kuayanan cicing di imah, waktu harita keur meumeujeuhna mahabu covid19. Pamarentah pusat nepi ka daerah teu cicingeun estu merhatikeun kana musibah ieu, nepi ka rahayat dibere bantuan mangrupa sembako, bantuan tunai langsung katut bantuan sejenna pikeun ngungkulan bisi aya rahayat nu kalaparan balukar Covid19 tea.
Nu kabandungan ku abah bantuan ti pamarentah aya sababaraha macem, anu dibikeun ka rahayat, hal ieu teu dipungkir banjir bantuan lain ukur babasaan. Rahayat kabeh utamana nu miskin dibere sembako, bantuan langsung jeung sajabana. Bantuan kasebut aya nu liwat Dana Desa, ADD aya oge ti Kementrian. Eta bantuan nu mangrupa duit atawa sembako dibikeun geusan ngungkulan balukar corona. Bantuan ti Pamarentah boh mangrupa sembako boh mangrupa duit, sapanjang usum sasalad mayeng disalurkeun.
Dina emprona bagi-bagi bantuan teh aya positif jeung negatifna. Positifna nu miskin bisa katulungan ku narimana bantuan. Negatifna aya wae jalma nu kuduna kabagi, teu kabagi. Nu kuduna henteu perlu dibere bantuan meunang bantuan boh sembako boh duit. Ngan aya we nu nyebut kuring mah teu meunang bantuan nanaon. Anu kacida heranna nu geus ngarasa kungsi kabagi sembako, lantaran teu kungsi meunang deui gehger. Naha nya geuning teu meunang bantuan deui. Puguh rada paciweuh… tetela diurang mah loba nu hayang dibere bantuan. Abah ngadenge aya jalma nu nyebut kuring mah teu kabagi nanaon, padahal kuring ge warga terdampak covid19. Giliran datang data tiluhur, kungsi ngalaman menit jeung puyeng pamarentahan panghandapna mah, pasualanana mang RW jeung mang RT apal sapopoena warga dilingkunganana. Lantaran aya we warga nu kuduna teu meunang bantuan aya datana meunang bantuan.
Penomena saperti kieu teh mindeng kaalaman, lantaran bisa jadi kasalahan data tina komputer antukna jadi riweuh. Cing atuh ngelehan nu boga rasa rumasa sok meunang bantuan teh, ingetan kanu tara meunang. Tarima mah tarima ngan urang kudu inget ka tatangga nu teu meunang bantuan padahal kanyataanana hirupna walurat sahandapeun nu meunang. Ulah parahi hayang meunang bantuan. Nu kuduna meunang bantuan henteu meunang semet ngegel curuk, ari nu meunang bantuan ngahenen wae. Abah heran oge aya dintarana nu teu kabagi bantuan ngadon uar-uar hayang kabagi. Keuna ku babasan batu turun keusik naek itu purun ieu daek, kabeh-kabeh hayang meunang bantuan. Mudah-mudahan sasalad corona geura sirna, ilang tanpa karana. Muga-muga rahayat kabeh parek rejekina jauh balaina, sehat salalawasna. Aamin….
( Abah Gaul/Abah Gejul )