Redaksi
Jumat, 5/19/2023 09:25:00 PM WIB
BabaledoganHeadline

Jalan Di Kota Patumpang Tindih, Di Lembur Loba Nu Ancur

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Jalan mangrupa urat nadi perekonomian, boh urang lembur boh urang kota sarua merlukeunnana. Inget keneh jaman beh ditu boga jual jaareun tatanen teh kapaksa kudu diangkut kucara ditanggung ngadaplak mapay-mapay jalan satapak. Tangtuna patani anu kurang tanaga sok muruhkeun deui ka jalma nu sok buburuh nanggung ka kota nyorang puluh kilometernya. Istilah dilembur buburuh mocok, upah atawa buruh mocok gumantung umumna di eta lembur. Pareng jeung nu hayang nyanyabaan ka kota eta ge kapaksa ngadaplak miagna nyubuh, barudak sakola ka kota sarua ngadaplak nyorang jalan tarahal mapay jalan satapak. Nu karasa harita teu aral subaha, ih sumanget weh jalma jalma teh sanajan kesang borobosan, halabhab hayang nginum.

Kabehdieunakeun sanggeus pamarentah mrogramkeun pangwangunan infrastruktur jalan, istilah mocok teh leungit, lantaran ka lembur lembur geus bisa asup kandaraan boh roda opat sumawona roda dua alias motor. Husus urang lembur ku dibangunna jalan raya teh jadi Kabungah nu teu aya tandingnana. Indit ka kota teh bisa megat mobil ti alun-alun atawa di jalan kasimpangan, ceuk babasanna ngan kari clak wae naek Kana mobil.

Anu jadi kahemeng Abah patali jeung jalan, di kota jalan mani lecir jalan patumpang tindih di luhur aya dihandap aya, ari srog ka lembur loba nu ancur. Omat ningali penomena sarupa kieu urang teu kudu silih salahkeun, nu eces mah kumaha carana sangkan jalan husus ka pilemburan jadi weweg pageuh tur lecir. Tarekahna atuh Pamarentah geura buru-buru ngahadean jalan nu kalembur nu raruksak sangkan lecir tur weweg. Atuh salaku warga masyarakat mibanda kawajiban pikeun ngariksa, ngajaga sarta mulasara sangkan jalan tetep awet teu kawas lebak saat, kucara gotong royong nyaangaan jalan, ngamalirkeun saluran cai supaya cai waktu usum hujan teu mabal ka jalan. 

Kasadaran ieu teh holna tina diri urang salaku warga. Teu ngabibisani warga masyarakat nu sok ngalaksanakeun program ngaberesihan jalan, hayu urang ronjatkeun sangkan leuwih geten titen miara jalan sangkan henteu gancang ruksak . Anu encan boga program urang programkeun sangkan aya gerakan gotong royong meresihan jalan utamana nyieun saluran cai. Cek paribasa batu turun keusik naek, pamarentah purun mere waragad ngadean jalan, nya kitu keneh warga masyarakat daek miara jalan ku cara gotong royong. Cag ah, Hampuraeun !!!! ( Lembur Singkur 2023 )