Advertisment
Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd
Sok kagugu puguh ge Abah mah, nalika kumpul ngariung incu,suan alo kaponakan nu marudik ti kota waktu lebaran. Dibandungan dina ngaromongna teh beda jeung nu di lalembur. Sanajan pituin urang lembur, dina ngomong atawa nyaritana teh geus lain basa lembur deui. Hal ieu bisa jadi lantaran aya sababaraha faktor anu mangaruhan kana robahna nyarita sapopoe. Antukna basa daerah kapopohokeun pangaruh faktor lingkungan tea.
Sedengkeun Nagara Kesatuan Republik Indonesia ( NKRI ) beunghar ku basa-basa daerah nu diparake di saban wewengkon kaasup Basa Sunda. Tampolanna Abah sok hemeng dina waktu kumpul lebaran pituin urang Sunda ge nyarita teh geus lain basa lembur deui atawa basa Sunda. Dina nyarita atawa ngomong make basa kamalayon, malah beh jauhna bisa disebut jawareh atawa bisa disebut basa campur kode.
Basa teh mangrupa ciciren bangsa, ngandung harti saban- saban bangsa boga basa sewang sewangan, boh basa daerah atawa basa nasionalna. Basa teh kaasup oge budaya bangsa anu perlu di mumule sarta di piara sangkan basa daerah katut basa nasional henteu ruksak atawa leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Basa-basa daerah nu aya di wewengkon nagara urang ulah nepi ka ruksak jeung kalindih ku basa sejen. Tarekahna sangkan basa salawasna tetep dinamis, barudak generasi ngora ti mimiti lingkungan kulawarga utamana, prak geura mimitian make basa daerah mun keur ngarariung di imah, tapi mun ngarariung di luar jeung nu sejen tangtuna make basa nasional basa Indonesia. Hal ieu teh supaya teu mopohokeun basa daerah basa titinggal karuhun pituin urang lembur, sarta mentingkeun oge basa basa persatuan basa nasional nagara urang. Lantaran ruksakna basa bisa ngabalukarkeun runtagna kabudayaan bangsa.
Hayu urang mikanyaah, mikaheman tur mikareueus basa boh basa daerah sewang- sewangan katut basa nasional nagara urang. Cag ah... lenyepaneun
(Saung Cigintung Janari leutik 4523)