Advertisment
Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd
Rengse lebaran dilembur mah usum hajatan, aya nu nyunatan, aya nu hajat nikahkeun. Diantara hajat nu sok rame direnceng-renceng teh nyaera hajat nikahkeun. Lantaran aya prosesi anu kudu dilaksanakeun luyu jeung tradisi turun tumurun. Diantarana dilembur Abah mah aya nu katelah tradisi Munjungan atawa dilembur sejen disebutna Mulang Sembah.
Pisaminggueun geprakna hajat nikahkeun, pihak calon panganten istri mere atawa ngirim dahareun sapuratina ka sanak babarayaan dulur katurunanan calon panganten lalaki antarana bae sangu atawa beas, daging sapi, embe atawa daging hayam, malah aya age nu merlukeun ngirim hayam hirup-hirup ditambah ku kadaharan asli urang lembur papais beureum, apem, opak beureum opak bodas, raginang, kalentong,kupat keupeul tangtang angin, angeun sop jeung sajabana.
Sabada dirapalan geus rada salse mah tutuy weh silaturahmi ka sanak kulawarga sarta duduluran nu dikirim kadaharan tea. Dua panganten nu geus resmi rapalan teh nganjangna ka dulur katurunan, dianteur ku kokolot lembur biasana ibu-ibu bari nerangkeun yen sepuh nu dianjangan teh sifat bapa kolot atawa ema kolot, aya oge sifat ua, sifat bibi, sifat mamang jeung sajabana dijentrekeun kalayan eces tembres. Teubluka ukur memenitan terus permisi ka nu dianjangan. Dulur pihak panganten lalaki tea, surti memeh indit sor weh mere amplop eusina duit nu ditampanan ku panganten istri. Geus kitu mah rombongan panganten teh silaturahmi ka babarayaan sejenna nu encan dianjangan. Leutik gedena eusi amplop teu di tangtukeun eta mah gumantung niat mere wae sakawasana, tanggtuna ge meunang ngitung-ngitung jeung nimbang-nimbang eusi kikiriman nu dibikeun ti pihak panganten istri tea.
Mun dilenyepan tradisi kasebut tetela mangrupa kabiasaan anu hade, geusan manjangkeun silaturahim diantara dulur katurunan. Lian tikitu manjangkeun babarayaan antara dua pihak ( dua kulawarga panganten ), eusi amplop ngandung simbul nyaeta minangka mekelan ka panganten anu baris nyorang sagara rumah tangga. Tradisi munjungan atawa mulang sembah aya keneh nu sok makekeun aya oge wewengkon anu geus teu makekeun alias geus leungit. Tapi cek Abah mah ieu tradisi nu kawilang kade teh perlu di teruskeun atawa dilestarikeun sangkan tetep langgeng.
Ari carana bisa wae di luyukeun jeung situasi kondisi zaman ayeuna upamana wae bisi teu kaboro nganjangan, sabada dirapalan tos beres upacara adat jeung sajabana, dua pihak kulawarga panganten diriungkeun di imah pihak panganten istri utamana puher-puher katurunan kulawarga panganten lalaki. Acara munjungan nu geus meh leungit bisa tetep aya kucara ngalaksanakeun riungan sacara basajan ( sederhana ). Tangtuna aya sesepuh nu nerangkeun silsilah katurunan utamana pihak panganten lalaki. Atuh minangka simbul mekelan, bisa wae cung creng nu hadir marere duit diamplopan saikhlasna luyu jeung kadaharan anu dikirim ti pihak panganten istri. Sigana acara tradisi munjungan atawa mulang sembah praktis saperti Kitu. Cag ah....!!! Lenyepaneun...!! ( Saung Cigintung 9523 )