Redaksi
Rabu, 9/06/2023 01:19:00 PM WIB
BabaledoganHeadline

Kalumangsungan Demokrasi Ulah Kalangsu

Advertisment

Ku : Andy Gumilang


Pemilu sakedeung deui dilaksanakeun, abah salaku rahayat ngabageakeun Pemilu nu dilaksanakeun lima taun sakali ieu. Teu Kitu kumaha apanan Pemilu teh disebutna ge pesta demokrasi. Uteuk Abah ge kabawa musat kana urusan pilihan caleg jeung Capres.

Heueuh Abah nu hirup dipilemburan ningali kalumangsungan demokrasi kiwari Aya leuwih saheng ayeuna dibandingkeun beh ditu mah. Geura eta nilik tina kabebasan rahayat samodel Abah bulu taneuh ngomong teh babari naker, utamana ngiritik ka papayung agung boh ditingkat panghandapna nepi ka pangluhurna, utamana anu aya patula patalina kawijakan nu dilaluhur.

Urang mindeng ngabandungan boh dina media surat kabar, boh dina media sosial ngiritik kawijakan nu dilaluhur teh teu heseeun. Padu jeblug, padu ngong wae ngomong sangeunahna kanyahoan bisa dibandungan ku sarerea. Ku ayana media online mani babarieun pisan nyampekeun aspirasi ti rahayat teh. Nembrakeun uneg-uneg liwat medsos mani sapuasna teu didingding disindang siloka gampang nepi kanu dituju.

Implementasi demokrasi cek Abah mah kudu di dadasaran ku norma jeung etika katut tatakrama. Salaku bangsa Indonesia anu kawentar sopan jeung santunna perlu dipake. Etika jeung tatakrama dina ngalaksanakeun kahirupan demokrasi kacida pentingna.

Ieu mah cek Abah jalma bodo demokrasi di nagara urang nyaeta Nagara Republik Indonesia kudu leuwih ngutamakeun etika,tatakrama kadituna sopan santun silih hormat silih hargaan, boh nu ngiritik, nembrakeun uneg-uneg ulah asal bunyi (asbun).

Omatnya ka incu-incu Abah boh nu dumuk di lembur boh nu araya di kota. Dina ngiritik, nyampekeun uneg-uneg boh liwat unjuk rasa atawa ngaliwatan media sosial _(medsos)_ kudu merhatikeun etika, tatakrama sopan santun dina cara ngomongna.

Hal ieu pikeun nyegah kalumangsungan demokrasi di nagara urang sangkan ulah kalangsu, sahingga kesanna demokrasi teh kurang hade. Demokrasi di nagara urang teh lain liberal, lain sosial, tapi demokrasi Pancasila. Nu dipalar dina Pemilu taun 2024 teh bener bener pesta demokrasi nu pinuh ku kakulawargaan, aman, tartib ulah nepikeun diadu jotos atawa parasea dina dalih ngabela rahayat, adu argumen bari jeung popolotot embung kaelehkeun, saha nu salah ? Nu salah mah lain abah tapi embe, Abah maju embe mundur ...he...he .... hampuraeun...!!! Cag Ah ..!!!