Redaksi
Sabtu, 9/23/2023 09:05:00 AM WIB
Babaledogan

Singkahan Pacengkadan Nyanghareupan Pemilu

Advertisment

Ku : Abah Andi Gumilang 


Pemilu geus deukeut, heabna mangsa pesta demokrasi lima taunan teh geus karasa ti beh di tuna keneh. Nu boga niat jeung kahayang, enya nu hayang manggung jadi wakil rahayat atawa boga karep nyalon pupuhu papayung agung geus tatan-tatan di anggalna. Boh nu karek mucunghul, sumawona nu geus nyengcle baroga kahayang nyalon deui ngahajakeun silaturahmi, jauh dijugjug anggang diteang, poek kundang damar, leueur kundang iteuk ceuk paribasana. Ngadon mijeueungan nganjang ka rahayat. Maksudna taya lian silaturahmi, dina emprona nu karek mucunghul/anyar pinanggih ngawanohkeun diri boga niat nyalon, pon kitu deui nu mindo boga karep maju deui, kadituna sosialisasi ngeunaan Pemilihan Umum. Heabna usum Pemilu karasa pisan komo apan kiwari mah zaman internet sagala ge bisa disiarkeun. Abah nu sapopoe ukur ulukutek dilembur singkur padukuhan, jauh ka bedug anggang ka dulag ceuk paribasana saban poe nu di stel teh televisi nu nyiarkeun warta. Ti pemilu ka pemilu asa sajorelat, eta mereun saking ku betah-betahna hirup di alam dunya ti waktu ka waktu asa nyerelek pisan.

Kasebutna ge pesta demokrasi, ngarana pesta eces kudu saruka bungah ulah tina sual saeutik ngabalukarkeun bendeng ceweng papaseaan atawa pacengkadan. Sesekelan bibit buit bahan pacengkadan singkahan ku cara silih hargaan, silih hormatan katut silih hampura utamana urang nu diharandap. Wajar haraneut saeutik-eutikeun mah ngarana ge pesta, tapi ulah kateuingan. Pasualan saeutik digede-gedekeun, komo lamun dicampuran ku propokasi lir ibarat marebutkeun paisan kosong. Ulah nepikeun ngarempak aturan anu geus ditetepkeun ku Pamarentah. Apan sagala ge hirup urang teh teu leupas tina aturan. Omat Abah pesen urang ulah kapancing ku hal-hal nu sifatna can karuhan, nu baris nimbulkeun papasean. Pikeun anu baroga kapentingan hayang jeneng, pake cara anu lantip sangkan herang caina beunang laukna.

Tahapan Pemilu kudu digugu, pihak calon (legislatif-eksekutif) katut pendukungna dina masarkeun para calon teh luyu jeung aturan maenna. Ulah aya kalimah "siap menang tidak siap kalah" kudu jentel siap menang siap kalah. Komo mun inget kana lumangsungna demokrasi pemilu berkualitas teu kudu dipungkas pacengkadan. Ku abah sok kabandungan geuning, pasualan pilihan RT, pilihan RW, Pilkades, Pilkada, Pemilu legislatif, pilpres ti pemilihan ka pemilihan sok harengheng wae. Abah ngomat-ngomat ka anak incu, suan, alo, kaponakanan, buyut, bao, udeg-udeg, janggawareng, dulur nu aya di lembur baraya di kota dina pemilu singkahan bendeng ceweng papaseaan atawa pacengkadan. Sing akur batur sakasur, akur batur sasumur, akur batur salembur, akur batur sagupernur, akur sanagara malah sadunya. Cag Ah.....hampuraeun!!!

( Saung Cigintung, 230923 )