Redaksi
Jumat, 9/15/2023 08:02:00 AM WIB
Babaledogan

Usum Katiga Bangat, Ulah Iseng Ngaduruk Leuweung

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Usum Halodo bangat taun ayeuna mah rada karasa rieutna, teu kitu kumaha ? Kaalaman ku Abah di lembur. Balukar Halodo bangat walungan ( lebak ) ngoletrak saat. Sakingku hesena ku cai, curug nu mungguh ngaguruh kiwari ngoletrak saat duka teuing ari di lembur batur mah, tapi moal sabaraha beda sigana. Balukarna Ngalaman paila lantaran ku teu ayana cai jang tatanen, loba jalma ngangluh balukar usum katiga ngetrak-ngetrak.

Loba musibah nu tumiba contona : loba kabandungan kajadian kahuruan leuweung. Antukna habitat leuweung kaganggu.

Timbulna seuneu teh ti urang-urang keneh. Saban taunna teh dibandungan ku Abah sok aya wae nu mindeng iseng atawa pangangguran ngaduruk leuweung lina leungeun-leungeun jail antukna leuweung ruksak pinuh ku harang hangsu sesa dudurukan.

Patali jeung hal eta Abah umajak ka anak, incu, suan alo kaponakan hayu urang nyegah ngaminimalisir kajadian kahuruan leuweung. Kuntung roko nu aya keneh seuneuan ulah di dialungkeun padu wae kana ruyuk saliara baris nimbulkeun kahuruan utamana leuweung, omat nya....! sing ati-ati tarapti ulah miceun kuntung roko nu aya seuneuan keneh kana rungkun eurih atawa saliara saliara jeung sajabana. Sangkan walungan atawa lebak teu ngoletrak saat, hejokeun leuweung ku cara gerakan reboisasi. Ulah iseng dudurukan di leuweung. Pihak Pamarentah ulah bosen mere sosialisasi ka masyarakat pentingna nyegah leuweung jeung lingkungan padumukan sangkan henteu kahuruan. Cag ah!!

( Tundagan Wanci Janari leutik 2023)