Redaksi
Selasa, 10/03/2023 07:28:00 AM WIB
Babaledogan

Barudak Ulah Mohokeun Kana Kaulinan Tradisional Jeung Tatanen

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang

Kahirupan zaman Abah keur budak kira taun tujuh puluhan jeung zaman kiwari estu beda. Nengetan widang kaulinan barudak wae, jauh tanah ka langit. Barudak zaman abah keur budak sok aya nu disebut Mulan, ngabungbang. Bari mulan sok resep ngayakeun kaulinan barudak saperti odot-odotan, eleng-elengan, ucing sumput jeung sajabana. Lian ti eta aya deui macem kaulinan barudak sejenna contona perepet jengkol, jaleuleuja, huhuian, dadaluan, sasalimpetan katut oray-orayan. Resep pokona mah mun pareng caang bulan teh, barudak harita sabada Isa ngarumpul di buruan sanggeus karumpul der weh ngayakeun kaulinan saperti nu diasebutan di luhur, bari taretembangan saruka bungan. Barudak zaman harita taranginas, eta geura Abah basa keur budak kira kelas 5 budalan sakola teh mantuan nu jadi kolot ngadon ngarit jang domba/embe, nu kolotna teu boga ingon-ingon minangka mantuan kolotna teh ngala suluh ka leuweung lantaran apan di pilemburan mah nyangu teh make hawu suluh.

Ku pangaruh parobahan zaman kiwari barudak arang langka mun pareng caang bulan ngayakeun kaulinan barudak saperti odot-odotan, dadaluan, perepet jengkol saruka bungah gogonjakan. Harianeun model ngarit, gecrak-gecruk pepelakan. Barudak awewe tandur, ngoyos ngarambet, dibuat, arang langka pisan. Diperhatikeun ku Abah sapoe-sapoena teh ukur ngarome hape. Digeuingkeun mah kurang kumaha ka barudak teh, digehger dipapatahan ih hare-hare ngarome hape. Nu dimaksud teh ulah ngarome teuing hape, sakali-kali dialajar gagawe mantuan nu jadi kolot. Lain nyaram ngome hape da geus zaman, ngan ulah kamalinaan teuing.

Pamarentah ngaliwatan Disdikbud saban taun ngayakeun festival kaulinan barudak, ieu teh mangrupa tarekah sangkan kaulinan barudak zaman bihari dipikawanoh ku barudak zaman kiwari antukna jadi mikaresep kana eta kaulinan barudak. Kari kumaha respon jalma karolot kana kal eta. Kucara mere motivasi ka barudakna sangkan mikawanoh tur mikaresep kana kaulinan barudak ulah ngarome teuing hape.

Pikeun mikawanoh dunya tatanen kurikulum muatan lokal anu nyoko Kana widang pertanian jeung karawitan budaya lokal geus sakuduna dihirupkeun deui saperti zaman Abah keur budak harita aya nu disebut hari krida sagala, poe saptu barudak kelas opat, lima jeung kelas genep ngolah tatanen anu sawahna dibere ti Pamarentah Desa satempat. Eta kurikulum muatan lokal teh cek Abah mah hade pisan, karasa ku Abah baheula waktu kelas lima jeung kelas genep dipapatahan ku guru cara macul cara ngored cara tatanen, ayeuna hirup dilembur teu ngarasa suda ngagolangkeun pacul jeung parang nu bener. Hal ieu teh hasil tina diajar di sakola sababaraha taun kalarung. Kurikulum sakola kudu nyoko kana cara ngadidik karakter barudak luyu kaarifan lokal nu mibanda ciri mandiri. Leuwih jauhna urang teh kudu nyobat jeung alam lingkungan lantaran nagara urang teh apan nagara agraris, lian ti eta budaya tradisional oge perelu dihirupkeun deui pikeun ngawangun karakter asli bangsa urang anu henteu leupas tina tetekon kahirupan di nagara urang. Susuganan wae ku cara kitu mah bisa ngaminimalisir barudak nu sok maen game saeutik-saeutik bisa mikaresep kana budaya lokal jeung pertanian. Pamuga !!!! 

( Tundagan wanci haneut moyan 102023)