Redaksi
Senin, 1/15/2024 12:48:00 PM WIB
BabaledoganHeadline

Generasi Ngora Ulah Mopohokeun Sejarah

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Kahirupan sapopoe henteu leupas tina naon anu disebut riwayat, sejarah. Kaasup oge legenda/sasakala leuwih kumplitna kadituna Sejarah kahirupan jaman baheula nepi ka jaman kiwari. Kudu mikaweruh kahirupan ti awal mula, sabab kahirupan teh henteu ujug-ujug saperti kieu estu merlukeun proses sejarah nu kawilang panjang. Patalina jeung kahirupan sejarah nu ngabuktikeunana.

Bahaeula waktu Abah sakola di SD guru ngariwayatkeun anu aya patalina jeung ti mimiti ayana kahirup di nagara urang. Contona wae sejarah karajaan-karajaan di nagara urang saperti karajaan Singosari, Kediri, Majapahit, Sriwijaya, Pajajaran, Galuh, Tarumanagara, Kutai, jeung sajabana diruwayatkeun kalayan jentre. Di deudeul ku lobana kiriman buku-buku sejarah katut buku sejenna eta pangaran IPS sub pekajaran sejarah jadi napel dina uteuk nepi ka kiwari

Kateuing pedah Abah mikaresep kana sejarah, kateuing pedah bapa/ibu guru ngajar sejarahna leukeun. Naon-naon nu aya patalina jeung pangajaran IPS mah napel nepi ka ayeuna. Dina rak buku saban kelas buku buku pangajaran kumplit kaasup sejarah numpuk, dibaca ku barudak memeh bel asup, anu dipiresep ku murid- murid jaman harita buku sejarah teu sirikna parebut maca teh. Guru-guru jeung murid-murid harideng maraca buku ieu di sakola sakemeh bel asup atawa istirahat. Meureunan ieu nu kaasup bagian Tina literasi teh.

Kadieunakeun pangajaran IPS sub pangajaran Sejarah hususna di tingkat sakola dasar asa beuki diminimalisir. Contona sok rarajeunan pangangguran nanya ka anak jeung incu ngeunaan sajarah karajaan di urang, ari jawabna teh teu terang cenage. Geus harianeun sajarah perjuangan bangsa ti mimiti ngadegna karajaan di nusantara mah, duka poho duka teu aya dina kurikulumna. Ngan nu eces mah barudak teh kurang wanoh kana sejarah ieu mah suan alo kaponakan Abah di lembur duka ari di nu lian mah.

Nilik hal saperti kitu perluna dihirupkeun deui pangajaran sejarah loka, regonal, boh nasional misalna wae barudak ti kelas tilu SD kudu apal nu ngaranna legenda, riwayat leuwih kumplitna sejarah lemburna (desa) sorangan, iraha ngadegna eta desa, saha nu mimitina ngadegkeun Atawa ngabebera eta desa, saha-saha wae nu kungsi jeneng kapala desa atawa lurahna, kaasup saha-saha wae urang lembur kasebut nu kungsi milu bajoang nandonkeun jiwa ragana geusan merjoangkeun jeung mertahankeun kamerdekaan bangsa katut nagara. Geus sakuduna generasi ngora mikawanoh sejarahna ti militi desa nepi ka tingkat nasional. Omat Abah amanat generasi ngora ulah mopohokeun sejarah, geusan ngaronjatkeun ajen inajen kahirupan bangsa katut nagara urang. _(Curug Cicandi 2024)_