Redaksi
Rabu, 1/31/2024 02:18:00 PM WIB
BabaledoganHeadline

Kuningan Beu Kudu Dirojong Jeung Prakna

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd

Kataji puguh ge ku ayana ajakan pihnik anu kungsi di canangkeun ku pamarentah kabupaten Kuningan. Intina eta logo tagline Kuningan Beu teh asli basa urang Kuningan, beu ngandung harti ngajak ulin pihnik ka Kuningan. Kecap Beu oge mangrupa singgetan tina bahagia, estetika dan unik. Kuningan salah sahiji kabupaten di propinsi Jawa Barat nu mibanda potensi alam endah, hawana seger, budaya, katut kaolahan dahareun atawa kulinerna oge boga ciri has. Geus sakuduna meunang perhatian ti urang pituin Kuningan, katut warga sejenna luar kabupaten Kuningan.

Abah salaku rahayat ngarasa reugreug tur reueus lantaran pamarentah kabupaten Kuningan mibanda program ngaronjatkeun sektor pariwisata, nu dipalar engkena sektor kasebut teh bisa ngaronjatkeun pendapatan asli daerah. Lian ti eta bisa mere lolongkrang lapangan gawe, usaha bisnis pikeun rahayat hususna di kabupaten Kuningan, nu otomatis ngaronjatna widang perekonomian, kadituna rahayat sejahtera.

Ku ayana Kuningan Beu, abah boga pamadegan kahareup Kabupaten Kuningan baris maju dina widang pariwisata pikeun pangasilan daerah urang, salian tina pajeg. Urang kudu reueus jadi urang Kuningan lantaran su mibanda potensi alam anu hade.

Salaku warga kabupaten Kuningan kudu ngarojong hirup huripna widang pariwisata. Logo Tagline Kuningan Beu perlu dirojong jeung prakna, pihnik atawa pelesiran teh ulah jauh-jauh ka obyek wisata Kuningan wae, bawa sabondot-royot ka obyek wisata nu aya di kabupaten Kuningan. Barudak sakola boh tingkat sakola dasar, boh menengah mun bisa mah mibanda program pihnik di lingkungan Kuningan, nu dipalar generasi ngora, para siswa apal wewengkon kabupaten Kuningan.

Di lingkungan kulawarga sakali- kali ajak anak, incu, suan, alo kaponakan tatangga, katut dulur-dulur nu dilembur, baraya ti kota pihnik ka obyek wisata kabupaten Kuningan.

Atuh pamarentah daerah kudu leuwih daria mere lolongkrang jeung fasilitas pikeun leuwih ngamajukeun tur mekarkeun deui potensi wisata nu encan ka guar di saban sakuliah kabupaten Kuningan. Tangtuna peran investor kacida dipiharepna pikeun ngawangun tempat-tempat pihnik sejenna. Hayu urang gederkeun arulin pihnik ka obyek wisata di Kuningan. Cag Ah......!!! ( Gunung Puteran 2024 )