Redaksi
Senin, 1/01/2024 09:41:00 AM WIB
Babaledogan

Tahun Heubeul Lekasan, Taun Anyar Bagea Datang

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd

Teu karasa hirup kumelendang di alam dunya teh, ujug-ujug nincak taun anyar. Abah sok inget jaman katukang-tukang husus di lembur Abah dina mapag taun anyar teh teu sirikna rame ku dor-darna sora belecon jeung janweh, sarta sora tarompet sagala. Peutingan malem taun baru ayeuna mah rarehe, kateuing ari dipakotaan mah Ketang teu apal. Hal ieu teh sigana geus dianggap biasa, najan kitu lain mopohokeun kana ganti taun, ku ramena belecon jeung niup tarompet matak ngagareuwahkeun. Cek Abah mah nu penting urang teh kudu syukuran ka Gusti Nu Maha Suci, dumeh salila sataun diparinan kasehatan, kaberkahan diparinan parek rejeki jauh balai.

Kiwari unggah ti taun 2023 ka taun 2024 loba garapan nu encan rengse boh kagiatan nu sipatna husus boh umum. Urang programkeun deui garapan mangsa kaliwat nu encan rengse bisa dikeureuyeuh deui rengsekeun dina taun ieu ( 2024 ). Program garapan anyar rek migawe naon dina taun 2024. Lantaran nu karasa jeung nu teu dirasa ku Abah garapan nu encan rengse taun kaliwat masih loba keneh, urang hangkeutkeun deui dina taun anyar (2024 ) ieu, ulah nepikeun ngucapkeun kieu : "ah.....nu enggeus mah enggeus urang buka lambaran anyar ". Tapi garapan dina lambaran heubeul oge omat ulah dipopohokeun jadi garapan dina taun anyar.

Taun heubeul ( 2023 ), geus lekasan, taun anyar ( 2024 ) bagea datang, urang eusian ku garapan prioritas nu encan anggeus taun tukang. Abah pesen ka incu, suan, alo kaponakan dulur-dulur dilembur, baraya di kota hayu urang keureuyeuh deui ngarengsekeun pagawean nu encan rengse, bari terus urang migade pawean nu anyar saluyu jeung program katut rencana kerja taun ieu. Mudah-mudah naon-naon nu jadi udagan bisa kahontal kalayan hasil anu munel. Mudah-mudahan urang sadaya dipaparin sehat wal afiat salawasna geusan ngudag karaharjaan sarerea. Taun anyar sumanget anyar, ucap tekad jeung lampah sing leuwih hade batan taun-taun kaliwat. Cag Ah...!!! 

( Tundagan Wanci Janari 2024 ).