Redaksi
Minggu, 1/07/2024 09:49:00 AM WIB
BabaledoganHeadline

Ulah pagirang-girang tampian, ulah pahilir-hilir mandi

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Mindeng ngabandungan kahirupan jaman kiwari, hayang jeneng teh belaan tisuksuk tudungdung, teu sirikna tunggul dirarud catang dirumpak nu penting kahayangna kahontal. Teu mikirkeun eta cara teh ngarempak aturan, teu mikirkeun balukarna, teu ngingetkeun balitunganana, dapon bisa nyengcle di hiji tempat nu genah tumaninah keur dirina sorangan. Anu teu kitu mah bakal katinggaleun kareta cenage, nyengcle dipuncer teh memang kudu balap naek pabisa-bisa. Keur naek tea, geus tangtu muntang murangkel nyegingkeun dahan-dahan jeung dangdaunan nu ngahalangan. Teu peduli nyegingkeun batur, teu paduli nejeh batur nu Aya di sagigireunnana.

Ieu mah bane wae kaalaman ku suan, alo jeung kaponakan Abah sorangan, cicing wae mah angger wae da teu bisa kucara kitu, nunggu-nunggu giliran antukna giliran geus aya, direbut batur nu ngadon sak-sak suk-suk dapon hasil nu dimaksud, sakingku hayang-hayangna nyengcle di dadasaran ku rasa ambisius atawa gede kahayang. Hampura loba jalma nyalip jalan kompas. Abah mah paralun nyawad kaditu kadieu, ieu mah ukur nyaritakeun, omong piceuneun, nu nyata jeung nu karasa ku urang kabandungan mangsa kiwari. Gogoda salawasna aya, urang nu kudu ajeg dina palanggeran, ku wijajsana, ulah ngalajur napsu dapon kahontal luhur kuta gede dunya.

Abah ukur bisa pesen ka anak incu, suan alo kaponakan omat nya ulah pagirang-girang tampilan, pahilir-hilir mandi dina harti ulah susuluduk, nyeging kaditu kadieu, tetejeh sesepak dapon bisa nyengcle dihiji patempatan nu aing jang aing, nu batur jang aing. Asal ngeunah jang diri sorangan, teu malire naha batur ge sarua ngeunah atawa henteu. Uteuk nu normal eces kabeh ge hayang hirup senang, hayang jabatan puncer, hayang itu hayang ieu hayang leuwih ti batur, tapi hal ieu teh kudu ngukur ka jujur ngimbang ka awak bisi dina mawa na teu kaawakan, bisi mopo memeh nanggung, kadituna bisi-bisi ......ah kateuing pikiraneun. Cag Ah ( Saung Cigintung Januari 2024 )