Redaksi
Minggu, 2/18/2024 09:12:00 AM WIB
BabaledoganHeadline

Money Politik Ulah Dianggap Lumrah

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Ngarumas puguh ge Abah mah rumasa hirup di pilemburan jauh ka bedug anggang ka dulag cek paribasana, kurung batok alias kurang kanyaho hususna widang perpulitikan. Heabna pesta demokrasi karasa ti beh ditu keneh, nu boga kapentingan hayang nyengcle dina korsi empuk, tianggalna tatan-tatan mersiapkeun sagalana. Kangaranan boga kahayang kudu daek korban boh hartana, tanaga jeung pikiran. Teu eleh pentingna mersiapkeun akomodasi, logistik jeung sajabana, sakur nu aya patalina jeung kagiatan kasebut, supaya lancar taya halangan harungan nanaon. Pastina oge pangorbanan lain saeutik hayang ngahontal hasil nu dimaksud, ngahontal kahayang jeung cita-cita kasebut teh.

Ti jauhna keneh sosialisasi, sakalian silaturahmi ka dulur dilembur, nganjang ka baraya di kota ngawanohkeun yen dirina boga niat tandang makalangan. Cek paribasana jauh dijugjug anggang diteang silaturahmi ngadadak rame. "Simkuring ngenalkeun nami anu... boga maksud bade nyalon, nuhunkeun pidoa sareng rojongan katut dukunganna ti balarea". Kadieunakeun beuki sibuk ngalaksanakeun tarekah sangkan dina emprona bisa meunang sora saloba-lobana.

Mungguh nu boga kahayang sagala daya upaya di jalankeun kaasup meureun nu disebut mere maweh ka sasama, antukna panggih nu butuh jeung nu butuh alias sarua butuhna, ulah disundakeun eta mah. Ngan cek Abah nu bodo, supaya reugeujeugna demokrasi salaku warga nagara nu hade, ulah kagelo ku pangolo kagendam ku pangbibita contona money politik ulah dianggap lumrah, omat ulah jadi kabiasaan atawa ngabudaya, najan parahi butuhna. Leungitkeun sipat hayang dibere, atuh nu boga kapentingan ulah ukur mimitina wungkul daek anjang sono, geus jeneng mah pleng les kuraleng poho deui silaturahmi. Wujud kainget mun geus jeneng, ku cara ngaheulakeun kapentingan umum, ngayakeun tarekah ngaronjatkeun pangwangunan dina sagala widang geusan kama'muran jeung karaharjaan sarerea. Cag Ah. Lenyepaneun.....!!! ( Lembur Singkur 2024 )