Kamis, 1/02/2025 12:51:00 PM WIB
Babalagonjangan

Ibur Curanmor kahade talobeh

Advertisment

 Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd

Rame sual nu maling motor atawa curanmor matak ngagareuwahkeun sarerea. Teu kitu kumaha tuda di lembur Abah mah motor teh teu sirikna patulayah diteras imah ti beurang mula parat nepi ka peuting. Teu ieuh boga ingetan bisi aya nu maling, positif thinking we.... da nu sejen ge teu sirikna tinggaloler di teras.a

Katompernakeun taun 2024, nu kapalingan motor teh rada sakapeung mah sok ngarasa prihatin ngabandungan kajadian kasebut, saban taun di wewengkon pilemburan sok aya wae curanmor teh, malah tampolana mah lain curanmor wae aya oge nu kapalingan ingon-ingon kayaning domba, munding. Kuayana jadian kasebut urang kudu caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket, tarapti taliti masing maranti. Nu baroga motor ulah di tunda di teres Atawa dipakaranga,  mangsa peuting mah abuskeun wae ka Imah. Isuk kaluarkeun deui peuting mah abuskeun ka jero imah dikonci stang konci gembok ulah talobeh. Kaalaman Abah sorangan najan si kukut geus umuran dawuh mangsa peuting mah diumahkeun ka Imah. 

Geus ti beh dituna kabiasaan ngabuskeun motor sabada Isa Abah mah. Awalna nyaeta di tunda di teras tipeuting teh sok didakoman ku ucing ngoetan jok gagaro resepeun pisan, atuh puguh wae jok teh lila-lila ruksak. Nya tibarang kajadian kasebut ari peuting mahmotor teh diasupkeun ka imah. Jadi geus kabiasaan motor tara diantep diluar, di kajero mahkeun, kajeun teuing di rohangan imah heurin oge nu penting mah aman.

Ka sakumna nu boga motor Abah pesen saban peuting asupkeung ka imah, ieu hiji tarekah  pikeun nyegah hal-hal nu teu diharepkeun. ( Saung Panineungan awal taun 2025 )